Dibaturan
Asa bayeungyang di jero tènda tèh, lalaunan Jang guru Didin kaluar. Leuleumpangan mapay tènda barudak nu geus jarempling, sora kèrèk wè patembalan. Jugana carapèeun geus acara jurit malam.
Nempo ka posko pembina, katingali Guru Dadang keur uplek ngobrol. Tapi rèk ngadeukeutan tèh asa wegah. Mending ngadaweung sorangan bari nempo sungapan Ciawitali nu caina umpal – umpalan.
“Pak guru punten diwagel” Sora Jang Dodi mahasiswa magang nu ngiluan perjusami ieu ngagareuwahkeun. “Aya naon Dod?”
“Saèna bapak ènggal ka tènda, margi palih kènca bapak aya nu nyarengan” Dodi ngaharèwos, bari ngodeuan tong ningali ka kènca. Tapi kalah ka panasaran, lieuk ka kènca, gebeg. Aya pocong sadua-dua, nyèrèngèh.
Guru Didin tibuburanjat muru ka tonggoh, kana tènda pembina. Bari babacaan sabisa-bisa.
Sup ka tènda pembina, kaciri aya dua urang geus ngaguher. Guru Didin reugreug aya batur. Lalaunan ngagolèr gigireunna. Pas nempo beungeut nu keur kèrek, geuning Jang Dodi jeung babaturanna. “Ari tadi saha?”
Komentar
Posting Komentar